Kaum terong
Hiji raja,Basyir asSyihabi,nyarios ka pelayanna : "Asa mani hayang ngadahar terong kaula teh". Pelayan teh nyarios "Mugia Alloh ngaberkahan ka terong,memang terong teh pangsaena tuangeun,daging tanpa lemak,lauk tanpa cucuk,tiasa digoreng,tiasa digodog,tiasa didamel asinan,tiasa disimpen. Raja nyarios " Tapi bareto kaula tas ngadahar terong teh nyeri beuteung". Pelayan : "Mugia la'nat Alloh tetep ka terong,sbb saestuna terong teh tuangeun anu abot,kasar,beye jng hideung luarna. Raja nyarios : ah...cilaka maneh !! piraku muji jng moyok hiji perkara dina waktu nu hampir bersamaan? Pelayan : "Gusti abdi mung pelayan kanggo Gusti sanes pelayan kanggo terong,dimana Gusti nyarios "ya" mangka abdi ge nyarios "ya",upami Gusti nyarios "henteu" nya abdi ge "henteu". =============== *Catatan : kacida seueurna jalmi nu perilakuna kawas ieu pelayan, sbb rendah nilaina disebut "kaum terong",dina ba...