Bapa mihjan
Imam Ibn alJauzi nulis hiji kisah dina kitabna " الأذكياء " tentang hiji pameget ti kalangan Bani Noufal bin Abdi Manaf nalika eta pameget teh (sebut bae bapa Mihjan)kenging rejeki nomplok, jadi okb (orang kaya baru). gaduh istri namina Ummu mihjan (sebut bae ema Mihjan) pedah kulitna hideung eta bapa Mihjan micangcam kanu kulitna bodas,teu lami eta pa Mihjan teras nikah rerencepan ka wil(wanita idaman lain) saatos mendakan anu kulitna bodas sarta pada cocok duanana.
Ngan nya kitu sarapihna ge nu nyumputkeun bangke achirnya tercium juga,ema Mihjan terangeun atuh ambek jeung timburu,bapa Mihjan teh nyarios ka ema Mihjan :
والله يا أم محجن ما مثلي يغار عليه إني شيخ كبير
"Demi Alloh Ma, jalmi pantar bapa mh teu pantes di timburukeun,sbb geus aki-aki".
وما مثلك يغار،إنك عجوز كبيرة
"Jeung bari ge jalmi pantar ema mah geus teu kuduna timburuan da geus Nini-Nini ngan nu pasti keur bapa mah teu aya nu langkung murah hati tibatan ema,teu aya nu leuwih nyumponan kana hak tibatan ema,tolong bantu ma sing rido kana ieu urusan (kawin deui) ulah ngacaukeun".
Achirna luluh (leah) oge hate ummu mihjan,harita keneh ngaridoan.
Saparantosna kitu Pa Mihjan nyarios deui " Ma,kumaha mun istri baru bapa teh cuang candak ngahiji bae sareng ema di dieu? da bageur manehna mh,ngarasakeun kana kasusah batur,nyariosna santun tara nyaci". ma Mihjan harita keneh ngajawab " mangga " cenah. Atuh golosor pa Mihjan teh masihan dinar bari nyarios :
"Bapa teu miharep ema katingal ku manehna dina kaayaan teu gaduh artos,anu balukarna ema kaunggulan ku manehna sok geura gunakeun ieu dinar jang ema bari ke isuk manehna suguhan sakumaha mistina".
Tos kitu pa Minjan datang ka nu ngora bari nyarios :
"Kaula boga maksud rek ngahijikeun anjeun Nyai jeung Ema Mihjan ke isuk,manehna bageur,rek ngamulyakeun Anjeun tp kaula teu miharep manehna ngaluhuran anjeun,kukituna cepeng ieu artos (dinar) ke isuk mun geus di ditu berean ti dinya,sesana mh tong dicaritakeun,cepeng bae." ceuk pa Mihjan.
Sarengsena mere pengarahan ka dua bojona Pa Mihjan teras ngadatangan sobatna,menta bantuan " Kuring boga maksud ke isuk teh hayang ngamprokkeun jeung ngahiji pamajikan nu ngora jeung nu kolot,wayanhna anjeun datang ku kuring rek dijamu makan siang,terus engkena mun geus beres makan, anjeun (pura-pura) nanya ka kuring mana diantara dua bojo teh nu pang dipikacintana? lamun kuring nolak ngajawab, anjeun sumpah ka kuring,kuring rek nyieun kejutan anu pohara ieu teh".
Isukna pamajikan nu ngora teh aya nyampeurkeun ka ema Mihjan,duanana ge ngalaksanakeun kana instruksi ti Bapa Mihjan teu pati lami teras aya sobatna pa Mihjan tea nu geus meunang mamatahan kamari,teras dalahar balakecrakan,sarengsena dahar sobat pa Mihjan nanya :
ﻳﺎ ﺃﺑﺎ ﻣﺤﺠﻦ ﺃﺣﺐ ﺃﻥ ﺗﺨﺒﺮﻧﻲ ﻋﻦ ﺃﺣﺐ ﺯﻭﺟﺘﻴﻚ ﺇﻟﻴﻚ
He Pa Mihjan kuring miharep Anjeun nyaritakn ka kuring saha nu pangdipikacintana tiantara dua bojo Anjeun ku anjeun?
Pa mihjan ngajawab :
ﺳﺒﺤﺎﻥ اﻟﻠﻪ ﺃﺗﺴﺄﻟﻨﻲ ﻋﻦ ﻫﺬا ﻭﻫﻤﺎ ﻳﺴﻤﻌﺎﻥ ﻣﺎ ﺳﺄﻝ ﻋﻦ ﻣﺜﻞ ﻫﺬا ﺃﺣﺪ
"Subhanalloh ! Naha anjeun kalah nanyakeun soal kieu bari duanana ngadangukeun? teu aya nu nanyakeun batur mh saurang oge tina hal spt ieu.
Cek sobatna : Kuring sumpah ka anjeun,Demi Alloh kuring i'tidzar ka Anjeun taya nu ngadorong ka kuring iwal ti hayang nyaho we hal nu tadi di tanyakeun. Bapa mihjan ngajawab, Inget! Ari keukeuh mah kuring kudu bubuka,
فأحبهما الي الدينار
"Anu pang dipikacintana ku kuring tiantara duanana nyaeta nu gaduh dinar".
Katembong ti masing2 pihak (ema mihjan jeung nu anom) gumujeng,jiwana barungah duanana sbb cek pikirna di tuju ku cariosan pa Mihjan teh dirina.
والله أعلم بالصواب
Komentar
Posting Komentar