Awewe tukang dagang minyak samin

 Hiji lalaki sombong keur jalan-jalan di pasar,pakeanana perlente,gagah jeung loba gaya alias ganjen.

Ngaliwatlah hiji awewe keur dagang minyak samin kahareupeunana,ceuk eta jalma "dagang naon Bi"? "Samin juragan" jawab eta awewe. "Mana nempo".nalika eta awewe rek nurunkeun ember ti luhur sirahna sabagian samin aya nu tumpah keuna kana pakeanana eta lalaki atuh eta jalma teh ambek kacida manehna nyarita : "Kuring moal indit ti dieu sapanjang anjeun can ngaganti harga ieu pakean". Eta awewe tukang samin teh bari ceurik menta piwelasna ka eta jalma "Juragan,nyuhunkeun hapuntenna abdi teh sanes ngahaja,abdi awewe miskin timana abdi kanggo ngagentosna"?

"Kadieukeun,gantian harga pakean kaula". Keukeuh eta lalaki.

Tukang samin nyoba-nyoba nanyakeun : " Sabaraha kitu pangaosna Juragan"? "Sarebu dirham" ceuk eta lalaki.

"Aduh juragan abdi teh awewe faqiroh,timana abdi gaduh artos 1000 dirham".

"Lain urusan kami eta mah" ceuk eta lalaki ketus.

"Juragan atuh sing karunya ka abdi,ulah ngawiwirang kieu".

Dina kaayaan si lalaki keukeuh neken jng ngancam ka awewe nu dagang samin,datang weh hiji jalmi anu bijak,punya power,punya harta dan kekuatan terus naros ka eta awewe " aya urusan naon bi"? paralak dicaritakeun kronologina ku eta awewe teh,ceuk eta Jalmi " kuring rek mayaran harga pakean anjeun" bari golosor mayaran 1000 dirham ka eta lalaki terus diitung,sanggeus pas itunganana eta lalaki rek ngoloyong indit tp ditahan ku jalmi anu tas mayaran tea bari nyarios :"tunggu heula"  . "naha aya naon deui?" Cek jalma sombong teh.


"Lain anjeun teh tadi geus narima duit saharga pakean anjeun?"

"Bener"

"Nya mana atuh pakeanana?

"Rek naon kitu"?

Waler jalmi bijak :

"Kami geus mikeun duit saharga pakean anjeun,sok ayeuna anjeun geura mikeun pakean anjeun ka kami".

Jalma sombong teh ngajawab :

"Ari kuring kudu leumpang tataranjang?"

"Lain urusan kami eta mah,teu nyaho"

Jalma sombong teh nyarita deui:

"Kumaha mun kuring moal mikeun pakean kuring"?

"Nya kadieukeun duitna"

"Sarebu dirham"?

"Lain,tapi harga nu ditangtukeun ku kami" ceuk jalmi bijak.

cek jalma sombong : "tadi anjeun mikeun ka kuring sarebu dirham?

"Teu aya urusan jeung nu geus dibikeun ku kuring"

"Jadi hayang sabaraha"?

"Dua rebu dirham"

Jalma sombong kacida kagetna bari nyarita : "ieu lain duit saeutik" bari rada mugen.

"Nya enggeus kadieukeun pakean kami nu geus dibayar".

"Naha anjeun boga maksud rek ngawiwirang kuring sugan"?

"Teu beda saperti anjeun rek ngawiwirang awewe miskin"

Jalma sombong kutuk gendeng bari nyarita : "ieu hiji kazholiman".

"Ayeuna anjeun nyaritakeun kazholiman".

Si jalma sombong terpaksa da ngarasa era ngembalikeun duit 1000 dirham ka jalmi bijak jeung ngama'afkeun ka awewe nu dagang minyak samin sanggeus dicapai kesepakatan,tuluy jalmi bijak ngumumkeun kasakur nuhadir di eta tempat yen duit nu 1000 dirham teh dihadiahkeun ka awewe miskin tukang dagang minyak samin.


والله أعلم بالصواب



'Ibroh :

Memecakan masalah butuh kebijaksanaan dan pengorbanan











Komentar

Postingan populer dari blog ini

Tong nyebut musuh

DIALOG SHOLAT - DENGAN AL-FATIHAH