"Washiyat Ali bin Abi Tholib ka putrana Muhammad ibn alHanafiyyah"
Amirul Mu'minin Ali bin Abi Tholib parantos nyeratan sbg washiyyat ka putrana anu jenenganna Muhammad ibn al Hanafiyyah ( Sayyidina Ali ra kagungan putra ti istrina khoulah binti Ja'far bin Qois al Hanafy saparantos pupusna sayyidatina Fathimah binti Rosulillah Sohabat Ali nikah deui,Muhammad alHanafiyyah jalmi alim, wara' ,zuhud,pemberani sareng kuat sapertos ramana,hadits anu sanadna terhubung ka anjeunna seueur dina Sohihaen,hubungan sareng saderekna anu misah ibu terjalin kalayan sae,dugi ka anjeunna nyebatkn :
: إنّهما عيناه، وأنا يمينه، فهو يدفع عن عينيه بيمينه
"Saestuna Hasan sareng Husen minangka dua socana pun bapa,kuring minangka tangan kananna,pun bapa ngajaga dua socana ku tangan kananna".
Ari pangna namina teu di nisbatkeu ka Ali bin Abi Tholib margi kanggo ngabentenkeun sareng putra putrina Ali ti fathimah ra.
Muhammad namina,kuniyahna Abul Qosim,hal ieu rupina tos kenging widi ti Rosul nalika sohabat Ali calik sareng Rosul anjeunna nyuhunkeun widi ka Rosul,sakumaha dina hadits Imam atTirmizdi :
إِنْ وُلِدَ لِي مِنْ بَعْدِكَ وَلَدٌ أُسَمِّيهِ بِاسْمِكَ وَأُكَنِّيهِ بِكُنْيَتِكَ ؟ قَالَ : " نَعَمْ
"Saupamina Abdi dipasihan (deui) putra saba'da pupus Gusti,naha kenging mun dinamian ku nami Gusti srng dikuniyahan ku kuniyah Gusti? Waler Kanjeng Rosul " seug".
Jadi Muhammad alHanafiyyah teh hiji Tabi'in nu gaduh nami srng kuniyah nu sami sareng nami sareng kuniyahna kanjeng Nabi saw.)
Ari washiyatna nyaeta :
يا بني
He anaking;
١. تفقه فالدين.
Kudu sing daek belajar agama
٢. وعوّد نفسك الصبر على المكروه
Biasakeun diri anjeun sabar kana perkara nu teu dipikahayang.
٣. وكِلْ نفسك في أمورك كلها الى الله عز وجل
Sing sumerah diri ka Alloh -azza wajalla dina sagala urusan anjeun
٤. وأخلص المسألة لربك،فإن بيده العطاء والحرمان
I
Sing ichlas dina nunuhun ka Alloh sbb mung ditangan Alloh wungkul ayana pemberian jeung halangan.
٥. وأكثر الإستخارة له
Sing loba istichoroh (menta kasaean) ka Mantenna.
(Hanca)
Komentar
Posting Komentar